ANALISIS UTS NGANGGO GOOGLE
FORM
Asa-asa tadina mah, waktu rék nangtukeun
naha UTS téh ku cara online atawa ngabagikeun kertas ulangan. Lain kunanaon, lamun
ku cara online, sieun ngabeuratkeun dina kuota, sieun teu bisaeun carana, sieun
ngaripuhkuen kolotna. Komo ningali guru-guru nu lian ngaleprint soal mah, tuluy
sorangan gé ngamimitian nyieun soal manual. Maklum kakarak ayeuna deui boga
pancén nyekel kelas. Tapi sanggeus dipikir dibulak-balik, tungtungna
diputuskeun nyieun soal nganggo google form.
Aya sababaraha alesan pangna diputuskeun
UTS ku cara online. Kahiji pan barudak diajarna gé online, nya naon salahna mun
ulangan gé online. Kadua itung-itung diajar boh keur kuring boh keur barudak,
kumaha cara ulangan online. Katiluna itung-itung ngalalanyah, sangkan barudak
leuwih biasa deui diajar daring, apan engké kahareupna bakal meunang kuota téh kuota
diajar, lebar lamun teu dipaké. Kabeneran kungsi ngiringan pelatihan online
kumaha carana nyieun formulir dina google form, nya nyobaan diajar nyieun soal
ogé.
Poé kahiji, Senén 21 September
2020, ulangan PPKn. Teu loba soal nu dijieunna gé, ukur 10 siki jaba pilihan
ganda. Barang link dibagikeun, grup WA langsung ramé.
“Ibu, teu kabuka!”
“Bu, muter waé!”
“Bu, kumaha carana?"
Padahal saméméhna tos dibéjaan
cara-carana. Disabaran wéh, antukna ngabéjaan gé sababaraha kali.
“Atos kabuka, Bu, Nita tos
ngirim!”
“Bu, Kiki gé atos!"
“Bu, ieu nu Ayu, peunteunna 10!" (Ngirimkeun
Skrinshoot tanggapan), tungtungna méh sadayana ngirimkeun SkrinShoot, Aya nu
peunteun 9, 8, 6, ngan seuseueurna peunteun 10 (dibéjaan kitu ku kolotna?
Wallahu’alam 😂 )
Alhamdulillah, teu burung geuning
tariasaeun. Ngahaja méré waktu ngeusian soal jam sabaraha waé, nu penting dina
poé éta kénéh, da lolobana mah HP gaduh kolotna, aya nu dicandak heula damel, aya
nu dianggo heula lanceukna. Ngagebeg téh
barang soréna dicék. Naha mani aya 62 tanggapan? Padahal budak aya 43, jaba nu
teu gaduh HP aya genepan. Singhoréng budak téh aya nu ngirim dua kali, tilu
kali, malah aya nu opat kali.
Ningali tina hasil peunteun mah
nu ngirim nepi dua tilu kali téh nu tadina peunteunna kurang alus. Jigana
panasaran hayoh ngeusian deui, ngirim deui. Tapi aya ogé nu kiriman mimiti tos
10, terus bet aya ngirim deui kalah jadi 8, terus ngirim deui 9, ngirim deui
10. Hadeuuh, jadi hayang seuri, jigana resepeun ngeusian google form téh, jaba
ukur sababaraha menit langsung bérés, jadi wéh panasaran kénéh tuluy hantem
ngeusian deui, ngirim deui. Rumasa émangna gé teu dikonci ku cukup sakali ngirim,
da éta pan aya nu nganggo hiji HP ku duaan, aya nu teu gaduh HP tuluy nambut ka
réréncanganana. Lamun dikonci ku hiji tanggapan, karunya ka anu teu gaduh HP.
Terang kitu mah tuluy ngumumkeun
dina grupWA, sangkan ngirim jawaban cukup sakali, ulah dua komo opat kali. Nu ngirim
sababaraha kali ogé nu asup kana daftar nilai mah nu kiriman mimiti, sanajan
kiriman kadua jadi leuwih alus, tapi teu kaci. Matak saterusna diomat-omatan
sangkan dina ngeusian sing ati-ati, ulah sagawayah. Alhamdulillah isukna jeung
saterusna UTS online lancar, ukur hiji dua nu masih aya nu ngirim dua kali.
Genaheun ulangan nganggo google
form téh, hasilna langsung katara, malah dina “tanggapan” nu katampa ku urang
salaku guru bakal katingali soal nomor sabaraha nu salah, soal nomor sabaraha
nu bener. Nu kieu téh mun dina manual mah kaasup kana analisis ulangan. Maksud
analisis ulangan sangkan guru bisa nganyahokeun kana kamampuh budak dina
neuleuman matéri naha geus paham atawa acan, bisa jadi analisis kana soal naha
kaasup gampang, sedeng atawa bangga. Tina hasil analisis éta, kahareupna bisa
dijadikeun bahan keur guru naha matéri téh kudu dibalikan deui atawa cukup ku méré
rémédial ka sabagian atawa saurang budak.
Kalemahanana, ulangan online kieu téh gedé kamungkinan dibéjaan ku kolotna. Komo ieu karak kelas tilu,bisa disebut kelashandap kénéh. Tapi kétang sanajan ulangan ku kertas ogé ari migawéna di imah mah nya tetep wéh lolobana mah dibaréjaan ku kolotna. Keun lah, nu penting mah budak daékeun diajar, da ari diomat-omatan mah atos, sangkan budak ngeusian soal sorangan, kolot mah cukup ku nalingakeun. Tapi nya kitu téa, katara tina hasil ulangan nu rata-rata 10, padahal ari ulangan di sakola mah iraha teuing peunteun 10. Deui-deui keun waé, da ku daék ngareusian ulangan online gé tos pirang-pirang nuhun, aya usaha ti mimiti nyempetkeun waktu, kuota, jeung pikiran. Nu jelas, sanajan dibéjaan ku kolotna, maca-maca soal acan mah meureun ku budak, piraku ku kolotna onaman mah. Tapi bisa waé kétang, maca jeung ngeusianana ku kolona ogé, pan guru mah teu apal, héhé…
Terus kumaha atuh ari kitu? Ah,
keun waé, da bongan kieu jamanna. Asa lumrah lamun budak atawa kolot hayang
boga peunteun gedé nalika ulangan. Ngan meureun peunteun kajujuran nu hésé
meunteunna. Mugia wéh sasalad sing geura ilang, sangkan sanajan ulangan online,
tapi bisa dilaksanakeun di sakola. Naha ka sakola mawa HP? Ih lain, di sakola kudu
siap pakakas komputerna, internetna, jeung sajabana. Mugia.
#Carita_NH
28-09-2020

0 Komentar