NHernika

6/recent/ticker-posts

Téh NH Ngeblog

Téh NH Ngeblog (Diajar Nyerat, Nyaliksik Diri, Ngéjah Badan)

PÉPÉLING KEUR ANAKING

 

PÉPÉLING KEUR ANAKING
Néndén Hérnika
Hujan masih can lekasan, anaking
lir hariring mangsa wanci meujeuhna jempling
ningalikeun kaasih nu tetep ngancik
dina ati sanubari
natratkeun kanyaah nu tetep aya dina bayah
Girimis masih mirispis, anaking
lir nembangkeun kanyaah nu moal laas
némbongkeun kasono nu angger moho
meureutkeun kameumeut nu tetep meueut jeung geugeut
Ulah rumahuh, anaking
hujan jeung girimis nu datang mangsa simpé
éstu mépéndé mangsa haté meujeuhna lungsé.
Cenah éta aya banjir jeung caah,
kudu jadi pépéling keur urang sangkan teu gagabah
kudu jadi panginget, sangkan lampah teu sagawayah
Ulah jongjon teuing, anaking
kudu iyatna jeung taki-taki
ulah balangah sanajan urang keur tumaninah
ngageubra dina ayun ambing jeung rikicikna hujan jeung girimis.
Geura tanghi, anaking
hayu urang munajat ka Gusti
urang bareng nyaliksik diri
laku lampah nu geus disorang
tangtu kungsi salah jeung méngpar.
Geura sumujud, anaking
urang pénta pangampura Gusti
urang bebenah lampah nu salah
urang neneda sangkan salamet tina musibah
sangkan hirup tetep hurip
waluya salawasna.
Aamiin.
Bekasi, 21-02-2021

Posting Komentar

0 Komentar