HUJAN
Hujan geuning di Bogor mah, Kang
Nalika wanci manjing ka burit
Mawa hariwang jeung kamelang
Nambah kasono mingkin ngukuntit
Hujan beuki ngerepan geuning, Kang
Najan teu badag tapi samprot maseuhan balkon
Di dieu ukur bisa nyérangkeun ka jauhna
Nyawang mangsa nu lawas kasorang.
Aya karémpan mangsa hujan ngabadagan
Inggis anjeun kabulusan
Taya geusan keur ngiuhan
Taya batur keur nyieuhkeun karémpan
Iraha atuh anjeun rék datang maturan simpé?
Anjeun nu harita lunta
Nalika girimis keur ngepris
Mawa haté nu gudawang
Teu maliré nu balilihan
Bogor, 4 Nopémber 2020


0 Komentar