NHernika

6/recent/ticker-posts

Téh NH Ngeblog

Téh NH Ngeblog (Diajar Nyerat, Nyaliksik Diri, Ngéjah Badan)

Fikmin : KADO

 KADO

Kado nu dibungkus ku keretas emas dicekel pageuh. Lalaunan nyampeurkeun korsi pangantèn. Ngahaja datang mangsa tamu geus suwung.
"Wilujeng nya, Téh!" Nu dibalès ku imut bagja, imut reueus bisa laksana nyanding nu gandang. Teu apaleun, yén imut manisna matak nyeuit kana ati, mawa lara kana rasa.
Laju ngalèngkah ka hareupeun pangantén lalaki. "Wilujeng, Kang, hapunten teu tiasa masihan nanaon." Bari ngasongkeun kado.
Duh Gusti, naha bet teu bisa nyumputkeun dareuda sora? Kapeurih ati kaseuit deui. Kanyeri hatè kahudang deui.
Gancang ngaléos. Tapi Kang Ahmad bet nyekel pageuh leungeun. "Nin, hampura Akang!" cenah bari neuteup seukeut. Dua panon pateuteup, aya nu ngembeng dina kongkolak mata, kitu deui paroman Kang Ahmad, katingali aya sorot kuciwa tina nétrana nu ceuleuyeu. Teu wasa némbal, geuwat ngalèsotkeun ranggeuman rémana, embung kanyahoan ku batur yén antara kuring jeung Kang Ahmad kungsi aya pasini pikeun ngahijikeun rasa asih nu nyanding mangtaun-taun.
Leumpang asa ngalayang. Kahayang mah langsung ngiles harita kénéh. Karérét saliwatan, Kang Ahmad masih ngajanteng neuteup kuring nu langsung mulang, mawa tunggara nu kacida.
Isukna ibur salelembur, pangantén palastra, kapacok oray waktu mukaan kado.

Posting Komentar

0 Komentar