NU NGUDAG CITA-CITA
Késang ngaragajag saawak-awak. Panas poé nu mentrang nambah lungsé. leumpang nahnay muru wahangan, ngumbah leungeun nu sasanggaleun balas nampolan batu, meujeuhna dahar.
Rék ngahuap, hawar-hawar sora barudak ngarawih. “Mun abdi pareng nincak déwasa, hayang laksana jadi tentara.” Dilieuk, katempo abrulan barudak diiringkeun ku guruna. Ras mangsa keur SD, lagu éta remen dikawihkeun bareng jeung Nina. Sumanget kacida. Nina mah kecap tentarana sok diganti ku “bu guru”.
Kelas dua SMP bet kabongroy mimilu Mang Karta muat awi. Atawa sok ka lio kuli nyieun kenténg. Teu sakola deui. Resep boga duit ladang kuli mah, bisa ngajajanan adi jeung ngahéroan awéwé. Tapi Nina teu bisa dihéroan. Jejem ngahontal cita-cita. Balik sakola sok ngaringkeb di imahna, ngapalkeun. Komo saprak manéhna SMA mah, langka di lemburna gé, cenah neruskeun sakola di kota. Ngampleng tara amprok deui.
“Dor-dor-dor musuh paéh dibedil.” Abringan barudak geus aya hareupeun, laliwat sarukabungah, muyarkeun lamunan. Rét ka guruna. Reuwas kacida. “Nina?”

0 Komentar