Wanci subuh waktu aya WA ti salaki. Ah, paling gé ménta dikiriman. Teu gancang dibaca. Sebel. Loba pisan paménta. Bulan kamari ménta hapé, bulan mangkukna ménta motor ambéh bisa ngojég cenah. Kadieunakeun aya béja motor kalah dipaké ngablu jeung randa anyar. Teu! teu hayang maca WAna gé, katambah kudu gancang ka cai, kudu digawé bisi kaburu dicarékan dunungan.
Unggal poé téh loba
hancaeun. Masak, gégéroh, nyeuseuh jeung bebersih imah nu ublug-ablag digawéan
ku sorangan. Témbok jeung kaca gé teu sirikna unggal jam kudu diberesihan. Digaweán wé da rumasa
ukur pangkat babu, jaba di nagara deungeun. Karak bisa reureuh jam sawelas
peuting. Langsung ngagolédagkeun
manéh kana kasur. Lungsé.
Gap kana Hapé, muka WA
nu can kabaca, “Mah, ieu Néng nganggo Hapé Bapa. Ayeuna Bapa nuju kulem matak
Néng tiasa ngaWA ka
Mamah. Happy mother’s Day nya, Mah, Mamah iraha uih? Néng sono ka mamah.”
Haté ngaleketey. Cipanon murubut teu kaampeuh.
Bojongmangu,
17-03-2021
#Fikmin_NH
0 Komentar