NHernika

6/recent/ticker-posts

Téh NH Ngeblog

Téh NH Ngeblog (Diajar Nyerat, Nyaliksik Diri, Ngéjah Badan)

API UNGGUN, MASIH NGABEBELA


 API UNGGUN, MASIH NGABEBELA

Kang, émut kénéh basa harita? Urang tepung di ieu Karang, dina acara Pin’gol. Horéam sabenerna mah miluan éta acara téh. Pan kuring mah teu resep pramuka. Pramuka nu katingalna gé capè. Sedeng kuring? Kuring mah pan si anak mamih nu teu payaan lamun capé, si rancunit nu alim kapanasan. Iiih, piraku kudu milu pramuka! Kumaha mun beungeut jadi nambahan hideung? Kumaha mun kulit tikait balas kukurubutan?
Tapi geuning bet diwajibkeun asup pramuka téh. Komo di SMA mah. Sakabèh murid anyar wajib dilantik jadi penegak. Aach… sebel nyaanna gé. Basa Akang salaku pradana nyieun aturan kudu itu kudu ieu. Duuuh, nyaan keuheul pisan. Bayangkeun geura. Kuring kudu bisa baris, padahal hadap kiri hadap kanan gé ripuh pisan. Kuring kudu bisa masak, padahal di rorompok biasana kari am. Pan aya si bibi nu masak. Di tempat kémah, kuring saparakanca kudu mandiri, kitu saur Akang harita.
Keuheul kuring téh, Kang. Nyaan keuheul pisan. Mun kongang mah hayang kabur harita kénéh.
Kakeuheul aya dina puncerna, basa acara tanda jejak jeung jurit malam. Harita, méh-méhan kuring nyasab, da teu bisa maca sandi, nu dipasang di unggal péngkolan. Untungna tèh geuning Akang tetep ngaping. Najan katingalna galak, Akang tetep nalingakeun, malah tuluy nulungan kuring nu méh-méhan tigebrus kana jurang. Harita, Akang nuyun kuring, muru posko kaséhatan.
Ngan kuring tetep keuheul jeung ceuceub ka Akang.
Basa acara api unggun, Akang bet ngaheureuyan. Harita kuring dipaksa kudu narjamahkeun hiji kalimah nu ditulis ku sandi morseu. Geus ditarjamahkeun, tuluy kudu dibaca ngagalantang. Teu ngawaro tadina mah, tapi Akang keukeuh. "Mun teu nurut moal lulus." Kapaksa, kuring maca bedas, “Kak Pandu, aku mencintaimuuu…!”
Ger saréréa saleuseurian, surak, keprok mani sahéng, teu miduli kana beungeut nu euceuy bakat ku keuheul jeung éra.
Kang, ti harita teuing kunaon, kuring jadi deukeut jeung Akang, sakaligus resep ka pramuka. Aya duriat nu nganteng, dina unggal rénghap, aya sumanget nu ngagedur dina unggal latihan.
Hanjakal, Akang kaburu lulus, tuluy miang cenah rék nambahan luang. Hanjakal, Akang taya mulang, ingkah teuing ka mana, ngiles, taya béja jeung carita. Ninggalkeun rasa asih nu geus tumuwuh dina kalbu, ninggalkeun rasa cinta nu geus sumarambah kana bayah.
Kang, kiwari ka ieu Karang, kuring datang deui. Sanggeus puluhan taun urang teu tepung. Miharep Akang gé sumping, néang sono nu angger moho, néang asih nu masih nyanding.
Tuh tingali, kang, bandèra pramuka ngèlèbèt dina tihang panjang di tengah lapang, lir nu ngagupayan sangkan urang tetep jejem ngamalkeun dasa darma jeung tri satya.
Tingali, kang, api unggun masih ngabebela, nyaangan petengna peuting, ngahaneutan awak nu geus suda ku tanaga. Ruhay unggun tetep marakbak, ngagedurkeun deui sumanget, pramuka tetep ngancik dina dada, najan umur geus cueut ka hareup.
Karang Kitri, 30 Septémber 2022

Posting Komentar

0 Komentar